Pages

Sabtu, 03 Mei 2014

pidato basa sunda (kbersihansakola)

Kabersihan Sakola

Assalamualikum warohmatullahi wabarokatu.
                                       
ashaduallaila hailawloh wa ashaduana muhamda rasullah ama badu.
Ibu Guru anu ku sim abdi dipihormat jeung siswa kelas Xmm-3 nu ku abdi dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka ALLAH SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa kumpul dina ieu acara.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayeuna.

Urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor . Bersih tina eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Hatur Nuhun Kana Perhatosannana..


          Assalamualikum warohmatullahi wabarokatu.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar